IKHTIAR PIKEUN KABAGJAAN AKHERAT


Sadayana parantos kauninga, yen urang hirup di alam dunya mangkuk ajal, ngemban dawuhan Allah kedah 'ibadah ka Anjeuna. Upami dilenyepan, estu kaliru jalma-jalma anu kagungan emutan yen hirup di dunya teh moal lana, tapi pikeun bekel di lembur matuh di alam akherat ngedalkeun kumaha engke! Atuh ari kitu mah sarua jeung nantang cilaka, di lembur matuh embung untung. Padahal piraku teu karasa, kapan keur hirup di alam dunya anu saheulaanan bari teu lila oge merlukeun bekel anu henteu saeutik. Umpama kurang-kurang kadaek mah, ampir-ampiran kawalahan. Komo deui pikeun hirup di akherat mah bekel teh lain perlu deui, tapi kudu leuwih diperlukeun; da alamna oge alam padang poe panjang, tegesna alam anu moal aya tungtungna. Ku sabab kitu pikeun kasalametan jeung kabagjaan di akherat kudu ti ayeuna diikhitiarkeunana. Nya kitu deui picilakaeun jeung pitungggaraneunana kudu ti ayeuna deuih disinglarna.

Ari pibeukeuleun di akherat mah lain raja kaya beunghar model di dunya, tapi iman anu beresih jeung 'amal shalih anu ikhlas. Sakumaha dawuhan panutan agung kanjeung Nabi Muhammad Salallahu'alaihiwasallam: Di mana maot manusa maka pegat sakabeh 'amalna anging anu tilu rupa, nyaeta: shadaqah jariah (waqaf); elmu anu manfa'at jeung anak anu shalih anu ngadu'akeun ka indung bapana (R.Bukhari jeung Muslim)

Upama jalma ngeus panggih jeung ajalna, mangka putus sakabeh 'amalna, teu bisa nambahan deui, tinggal nampa hasil tina "amalna waktu hirup. Tapi upama boga amal anu tilu rupa tadi, baris natrat ngalir nepi ka poe kiamat, moal aya pegatna. Anu kahiji shadaqah jariah, tegesna waqaf, seperti waqaf tanah pikeun masjid, pikeun madrasah atawa waqaf-waqaf sejena. Kadua 'elmu anu manfaat, nyaeta elmu anu di'amalkeun jeung disebarkeun, dipapatahkeun ka batur nepi ka ngartina sarta terus di'amalkeun. Anu katilu anak soleh anu ngaduakeun ka indung bapana, tegesna hiji anak anu iman anu dina tiap ba'da ahalat mangnedakeun pangampura pikeun indung bapana, pokna:

Nun gusti pangeran abdi, mugi gusti maparin pangapunteun ka abdi sareng ka bapa biang jisim abdi, sareng mudi Gusti mikaasih ka pun bapa sareng pun biang, sapertos aranjeunanana mikaasih ka abdi nalika abdi alit keneh.

Hiji anak soleh dina tiap ba'da shalat maca istigfar, tegesna mangdaekeun pangampura pikeun ibu ramana upama aranjeunna parantos tilar dunya, bakal nambah kana kabagjaan. Tapi upama maraotna teh cilaka lantaran loba dosana anu can kaburu ditobatan, bakal dientengkeun siksaanana. Sateucan cunduk waktuna irang ngantunkeun ieu alam dunya anu pinuh ku rupa-rupa ujian jeung cobaan, kudu diikhtiarkeun sangkan urang kagungan amal anu terus ngalir ganjaranana nepi ka poe qiamah. Mangga irang paboro-boro kana ngawaqafkeun banda urang pikeun kapentingan Agama, urang manfaatkeun elmu pangaweruh dina jalan Allah serta urang didik putera-putera urang sing jadi putra anu soleh.

Sing saha anu ngalampahkeun amal soleh, boh lalaki boh awewe serta maranehna keur kaayaan dina iman, nya saestuna Kami bakal ngahuripkeun manehna dina kahirupan anu hade, jeung saestuna Kami bakal maparin ganjaran ka maranehna ku ganjaran anu leuwih hade batan anu di amalkeun ku maranehna. (Q.S. 16 an-Nahl: 97)